Selasa, 22 Januari 2013

Beberapa kumpulan cerita lucu SUNDA :D

cerita lucu sunda 1
Jiang Zemin Orang Garut ?
Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"
Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"
Kabayan : "Uiii hebat euy ..."
Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."
Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"
Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos
Abah : "Dasar si borokokok !!"

  
cerita lucu sunda 2
Ngajawab Soal Ujian
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina
sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make

Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna."



cerita lucu sunda 3
LOWONGAN KERJA
Adang :”Ayeuna cenah aya deui lowongan kerja ka Malaysia”.
Toto :”Saratna naon bae ?”
Adang :”Ukur mere poto, ukuran tilu ka opat”.
Toto :”Sabaraha hiji ?”
Adang :”Dua karung”.
Toto :”Jadol, hanas didengekeun”.






cerita lucu sunda 4
-NU CAN TERANG-
Guru: adul kahareup, nyanyikeun lagu nu kamari di ajarkeun
Adul: (maju kahareup,bari nyanyikeun lagu ku sora leutik da teu apal tea)cicak2 di dinding
Guru: gedean!
Adul: Toke2 di dinding
Guru: gedean(keuheul)
Adul: buaya2 didinding
Guru: (buukna mulai rancung)lain hewanna nu digedean,tapi sora maneh sadul
Adul: adul adzan wh nya pa,meh gede sorana
Guru: sok welah kumaha maneh
Adul: allahu akbar2x
Guru: (lieureun)na aya ku..gede sadul
Adul : pa allah mah maha besar pa,teu aya nu langkung ageung ti allah
Guru: enya bnr,allah maha besar tapi nilai maneh leutik
Adul: ageungan ath pa
Guru: TEU BISA,NILAI MANEH LEUTIK!!(ngajorowok)
Adul: sanes sora bapa nu di ageungan,tapi nilai abdi
Guru: Saduuuuuulllll(kapaehan)
Adul@ eh ai ibu saur abdi ge sanes abdi bu sumpah
Guru@ euh budakteh,isuk panggil orangtua k sakola
Adul@ muhun bu
*isukna*
Guru@ pa kumaha ieu teh adul meuni kirang pisan knu diajarna
Udin@ emang kunaon kitu?
Guru@ maenya ku abdi ditaros saha nu ngabangun monumen bandung lautan api kadeun ngajawab,sumpah sanes abdi bu!kitu ceunah
Udin@ eh ai ibu,da emang sanes adul bu,meureun rerencanganna atanapi ibu nyalira meureun ..
Guru@ euh ieu mah sarua bodona(ngadagor2 sirah sorangan kanu meja)
 




cerita lucu sunda  5
Neng Astri nganteuran tuang siang ka ramana anu ti isuk keneh ngedeluk nguseup di Talaga Sangiang.

“Kumaha Pa? Tos kenging sabaraha nguseup teh?” manehna nanya


Diwalon ku ramana, “Lamun anu ieu beunang serta ditambah tilu deui, poe ieu Bapa baris meunang opat.....”






cerita lucu sunda 6
Nu Matak Henteu Dugul
Sastra ngagidig kaluar ti kantor, ditanya ku Bapa Kapala, “Rek ka mana, Sastra?”

“Bade dicukur,” walonna


“Naha dicukur dina waktu ngantor?”


‘Atuda buukna ge apan manjanganana dina waktos dines.....”


“Enya tapi apan henteu kabeh manjangan dina waktu di kantor, keur di luareun kantor oge buuk maneh teh terus manjangan”

“Nu mawi henteu didugulan.....” walonna bari terus ngingkig ka luar.

gimana lucu dan gokilkan apa anda semua merasa terhibur? mudah-mudahan anda menjadi lebih berbahagia dan suasana hati dan pikirannya jadi nyaman, demikian postingan cerita lucu sunda semoga terhibur dan bermanfaat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar